Rabu, Desember 19, 2007

DALANG DATANG, PENGANTIN HILANG

Sebuah utopia mengawali tulisan M. Malik pada Rubrik Khazanah Pikiran Rakyat 17 November 2007. Ia berbicara tentang sebuah kerinduan akan apresiasi dan kemasan yang begitu sempurna dari wayang golek. Dan kesempurnaan itu seolah tampak pada dalang-dalang berpengalaman (baca: tua), seperti Asep Sunandar Sunarya, Dede Amung, Ade Kosasih dan generasi sejamannya. Sebagai seorang pencinta Wayang Golek, ia mungkin kecewa, karena tidak ditemukannya dalang-dalang muda yang mampu memberikannya pengalaman baru yang memperkaya batinnya. Sekarang ia tidak merasakan kedalaman pemikiran filsafat seperti yang Ia dapatkan dari Dede Amung, megahnya garapan Ade Kosasih, atau antawacana dari Asep Sunandar Sunarya.

Dengan sedikit perhitungan statistik, M. Malik menyatakan, dari begitu banyaknya dalang, tetap saja yang laris di pasaran adalah dalang-dalang yang telah disebutkan di atas. Saya berusaha sepakat, bahwa dunia pedalangan di Jawa Barat memang perlu berintropeksi melalui sebuah cermin besar globalisasi, dan dalang-dalang seperti Asep Sunandar dan kanca-kanca seangkatannya mungkin satu dari seribu yang tetap tampil memikat dan tetap “seksi”. Dengan bahasa lain, kalau demikian adanya, sampai kapan dunia pedalangan kita akan tetap bertahan? Jika para penerusnya, tidak mampu berkreasi dan menjadi “seksi”.

Kalau M. Malik berusaha menyoroti para dalang – terutama dalang muda – untuk berinstropeksi, mungkin saya sedikit mengambil sudut yang berbeda. Sudut sebuah rumah sempit dengan televisi 14 inch yang di dalamnya tertayang sebuah acara berjudul “Mamamia”, sudut kelas ketika para siswa belajar bahasa Inggris sambil berbisik-bisik tentang Geng Motor, sudut sebuah kantor dinas kebudayaan dengan tumpukan proposal di mejanya, atau mungkin sudut sebuah kios tanaman hias yang semakin digandrungi. Dengan kata lain, apresiator dan fasilitator.

Pertama, kita berbicara tentang apresiator. Dalam tingkatan yang paling ekstrem, kita bisa menyaksikan, bagaimana anteng nya seorang anak menyaksikan Avatar berpetualang. Ibu-ibu, sambil membeli sayuran, asyik memperbincangkan – juga menyayangkan – aktor kesayangannya Roy Marten kembali terjerat kasus Narkoba. Sekelompok masyarakat lainnya dengan hati berdebar-debar, siap melahap apapun, sinetron, film kartun, sepakbola, iklan, teknologi, Informasi, terlebih lagi, nasi.

Masyarakat memang penggila hiburan, dan sebagian besar tidak pilih-pilih, karena mungkin tidak ada pilihan. Toh, bila mungkin pilihan itu ada, seperti yang dilakukan Iman soleh dengan menciptakan CCL, atau sebuah komunitas di Sukatani Purwakarta dengan Kampung Peuyeumnya, atau Acep Zamzam Noor dengan komunitas Azan-nya, kita bisa saksikan berkerumunnya orang-orang, dari mulai anak-anak sampai pedagang kaki lima berbicara hal serupa layaknya menonton sinetron.

Hal itu terbukti, ketika dua bulan silam diadakan sebuah pagelaran wayang golek di sebuah halaman yang tidak begitu luas, tepatnya di CCL. Masyarakat berkerumun dan bersilaturahmi, menemukan suasana baru yang tidak dirasakannya ketika menonton film james bond di kamarnya, pedagang-pedagang kaki lima menambah penghasilannya dengan hati gembira, karena terhibur oleh artistik panggung dan penampilan prima seorang dalang muda, yang tidak mereka temukan di pinggir jalan pada siang hari.

Artinya, para dalang muda ini perlu ruang, perlu waktu, agar benang merah kebudayaan seperti yang diutarakan oleh Saini KM bisa terwujud. Di titik inilah pentingnya apresiator, yang memuji, memaki, menggurui, bertepuk tangan, tertawa, agar mereka menemukan inspirasi baru yang mungkin tidak kita duga sebelumnya. Selama ini mereka tidak berkembang, karena dari satu kali tampilannya, ia sudah mendapat stempel “Taklid” pada punggungnya, mungkin untuk seumur hidupnya.

Ketika para dalang muda mengharapkan apresiator, apresiator mengaharapkan fasilitator. Fasilitator sebenarnya orang nu boga hajat, sepasang pengantin yang nanggap Wayang golek, yang memberikan ruang, waktu dan apresiator untuk dalang muda kita, yang memberikan peluang kepada mereka untuk berkarya, untuk gagal, untuk memberinya modal awal. Pengantin pria yang bahagia tetapi sedikit gelisah itu adalah pemerintah dan pengantin wanita yang pemalu itu adalah pelaku bisnis.

Dalam sebuah acara pelatihan manajemen seni tradisi yang diadakan Disbudpar pekan lalu, Kadisbudpar H.I. Budhyana mengatakan bahwa pemerintah hanya sebagai fasilitator, dan seniman-seniman diharapkan mampu bangkit dengan membenahi sistem manajemen di paguyuban atau lingkung seninya masing-masing. Beliau juga mengatakan “Saya salut dengan perkembangan agama, tingali di unggal RT, pasti aya masjid.” Peserta pun terkesima seolah mengamini, memang demikianlah adanya. Dengan sedikit berapi-api beliau menambahkan, “7,5 miliar mahi keur naon? Lihat Bali, pemerintah menganggarkan 125 Miliar untuk budparnya.” Peserta menghela nafas panjang, karena dengan demikian, wayahna para dalang muda kita harus bersabar, rupa-rupanya fasilitator kita masih terbentur masalah waragad (dana).

Lantas dimanakah pasangan pengantin lelaki? para pelaku bisnis? Mungkin mereka sedang bersolek, mempercantik diri melalui pariwara televisi, situs Internet atau Billboard di tengah kota. Hotel, restoran, cafe, Mall, toko buku adalah sebuah ruang publik potensial. Tapi lagi-lagi, para pelaku bisnis beranggapan bahwa kesenian tradisional tidak praktis, ribet, dan yang paling penting bagi mereka, terlalu mahal. Sebuah hotel atau restoran memang perlu nuansa Etnis, seperti alunan musik instrumen degung atau kacapi suling yang bisa kita dengarkan ketika naik lift di sebuah hotel bintang lima di Bandung, tapi itu semua bisa didengar melalui kaset atau CD, bukan pagelaran “hidup”. Dalam benak mereka mungkin timbul pikiran, CD bajakan hanya lima ribu rupiah, pagelaran wayang golek sedikitnya menghabiskan lima juta rupiah. Timbulah kesenjangan baru, karena jalan dan kesepakatan tidak bertemu, karena Industri seni kurang mengenal MOU.

Mungkin sudah saatnya mempertemukan sepasang pengantin ini dan bersilaturahmi kembali dengan para dalang muda kita, toh pedagang kaki lima saja bisa berbahagia, kenapa pelaku bisnis menengah ke atas tidak? Dan bukankah pemerintah juga ibarat dalang, yang dengan keterampilannya memainkan wayang, mengatur ritme, dan membuat lakon yang dilakoni dalang-dalang muda tampil lebih memikat di hadapan kita, para apresiator.

Posted by Ananta G at 09:30:32 | Permanent Link | Comments (0) |

Kamis, April 12, 2007

Mireng nu Murang Maring

Calageur? Béjana geus halodo deui nya? Keun waé, anggap wé cocoba ti nu kawasa. Teu di ditu teu di dieu kétah kituna mah. Kamari ogé, basa naék angkot Caheum Lédeng, supir angkot Urang Batak bet sesengor ka penumpang, teu pira kurang ongkosna lima ratus pérak. Cuaca panas kawas kieu mah mémang uteuk téh babari ngahéab euy, babari ngagolak. Méh sapaparat deudeuleuan kituna téh. Di jalan, di terminal, di kampus, nepi ka di masjid jalma-jalma nu ngaranna manusa téh leuwih resep néangan sparing partner. Jigana Aa Gym can bisa dibilang suksés ngamanajemen nafsu, copélna ngawulangkeun cara ngokolakeun nafsu.

Kuring sorangan ogé sakapeung mah sok ngarasa keueung, ningali situasi sabudeureun kampus urang nu cenah mah Ilmiah, Edukatif, jeung Religius (bari ayeuna mah dibungbuan PELUNG "Pelopor dan Unggul"). Lain sieun ningali Slogan nu sakitu sampurnana (ceuk nu nyieunna), tapi sieun ku beurit nu ngagorogotan Slogan nepi ka rangsakna. Ceuk Gunawan Moehamad mah cenah jargon téh sajak raksasa, nu boga wiwaha, boga harisma. Tapi nyatana mah teu salawasna kitu geuning, sajak raksasa téh samalah katingali cébol kusabab teu napak ka lemah. Urang bayangkeun waé Slogan téh raksasa, slogan UPI téh agréng lir gedung JICA, tapi, saupama urang nyawangna ti awang-awang mah nu katémbongna téh nya cébol téa.

Kabuktian jigana, taar jeung tuur mimindengna kalah teu rempeg. Ceuk taar kulon ceuk tuur wétan, ceuk taar: "Budayakeun transparansi!", ceuk tuur: "Samunikeun tarasi!", ceuk taar "Prestasi", ceuk tuur "Prustasi".

Ana geus kajadian kitu, teu perlu évaluasi, teu perlu otokritik, teu perlu nilik diri, teu kudu hésé-hésé néangan jalan geusan ropéaneun jaga, karudet-rudet. Téangan cara nu pang-praktisna: "Murang-maring". Ieu cara kawilang paling éféktif dina pakumbuhan masyarakat modérn. Ku murang-maring mah urang teu perlu nyaliksik naon nu kudu dioméan, urang teu perlu réa teuing dédéngéan, kari néangan buntut méong, teumbleuhkeun ka nu keur teu mais teu meuleum, timpah wéh satakerna, jelebét...sakali dua kali, dijamin...tumpur!

Baheula basa LDKM, inget kénéh nepi ka ayeuna kasauran lanceuk urang yén: cingcirining jalma nu teu bisa ngungkulan pasualan téh nya éta jalma nu kabisana "Murang-Maring" téa.

Ké..ké..ké, teuing Bandung, teuing Jakarta, teuing Indonésia jigana keur ngusung téma nu sarua. Tingali wé spanduk di gedung DPRD "Biarkan méréka Teriak, Warga Bandung Pasti mendukung Perda K-3" atawa di panorama aya spanduk pulas bodas dipilok hideung "Kami Warga Bandung Anti Komunis!" atawa di gigireun masjid Lédeng aya papan ditulisan "Hanya Anjing yang kencing disini!". Béda warna, béda rupa, tapi sapasemon: "Ambek".

Saheulaanan, MC'Donald, KFC, Hoka-hoka Bénto, Roko, Produk éléktronik Jepang marulas diri néangan simpati, masang spanduk dihadé-hadé, bari jeung mikiran naon nu dipikabutuh masyarakat. Maranéhanana gulak-gilek, angkat ngagandeuang bari nanggahkeun gado salsé pisan. Taya keureutan kaweur atawa tagiwur, taya keureutan "Murang-maring". Ku sabab sagala rupana geus diitung ti anggalna. Kabutuhan masarakat jiga kumaha, Iklan naon nu loyog keur produkna, saha modél iklan nu rék dipakéna, nepi ka nyadiakeun customer service pikeun ngalayanan konsumén nu pada ngangluh sabab eusi produkna teu saménor cangkangna. Pamustunganana, rék hargana salaput hulu ogé (jiga SPP JK), keukeuh wé konsumén téh pada meuli, da kataji ku iklan nu aya awéwé geulisan bari ngiceupan.

Ari UPI? Duka tah...Ayeuna mah jigana kari milih baé. Naha rék murang-maring jiga spanduk sabudeureun Bandung, naha rék dangdan mulas awak jiga produk-produk luar negri? Ngan nu pasti, mun kuring dititah milih mah, mending nyieun spanduk sorangan: "Aku Belum Siap menjadi BHMN". Cag!

 

Ledeng, Halodo 2007

Posted by Ananta G at 15:28:48 | Permanent Link | Comments (0) |

Senin, Januari 29, 2007

Sastra Sunda Édan Éling

Ngabébér-bébér layar, sastra Sunda tarik jangkar, ngambah legana sagara nu “tiis-tiis jahé”. Kapal “Titasik” nu kacida ékslusifna mangsa harita gé geuning ngadon tilem tilelep ka puseur laut kasusastraan nu mongkléng, najan saéstuna bisa jadi di jerona réa warna kawas dina film Sponge Bob. Nulis téh bari ni’mat ngalamun jeroning carpon “Bulan Wanci Sareupna” Dadan Sutisna. Kabayang kumaha keueungna ngangkleung di tengah sagara, bari jeung teu manggih waé basisir geusan tujuan balabuh, atawa mémang taya tujuan kitu?

Duka tah. Ngan nu sidik dina éta carpon, loba nu teu aréling ngalaman kaayaan nalangsa di tengah sagara téh, sok sanajan lambakna mah teu motah-motah teuing kawas di Hawai ogé. Padahal harita sang nahkoda geus satékah polah méré arah, méré pépéling sangkan aréling, sina saladar. Kapaksa di dieu nahkoda (sanajan ijid) ngalarapkeun dwifungsi-na: salaku supir nu nangtukeun arah kapal jeung salaku ustad nu ngarahkeun sipat – ngarahkeun karakter.

Tapi abong awak kapal nuju mabok, kaweur, marojéngja, kelar jauh panineungan, motah, tineung, gulinggasahan, jsté. (bisa ditambahan ku rupa-rupa rasa, atawa bisa dihijikeun jadi sarasa) sanajan dilelempeng tur dipapagahan ku nahkoda lengkep jeung buku petunjuk Kiat-Kiat Ngambah Sagara (baca: sastra) ogé, angger wé nu arédan jeung nu kaédanan téh teu bisa diélingan.

Saha nu édan? jeung, saha nu kaédanan? nya nu kabayang mah tokoh utama urang nu teu biasa ngambah sagara téa, sebut waé upamana pangarang nu anyar balegér (lain begér mindo) nu kakara ngalaman mabok asmara. Dina dadana mimiti ngarasakeun éndahna rasa cinta. Geuning ku kolot mah sakapeung sok dilédék “Lah…cinta monyét!”

Enya, tokoh carita urang mémang keur meujeuhna ngalaman cinta monyét. Abong cinta monyét, sanajan ka monyét, sok keukeuh peuteukeuh ngalakonan juh ratus juh puluh cara pikeun meunangkeun monyét pujaan atina. Ti mimiti ngalukis monyét, nyieun sajak monyét, nyieun carpon monyét, meuli buku-buku ngeunaan monyét, atawa curhat jeung babaturan nepi ka méméh tahrim ngeunaan monyét. Pamustungannana mah ngan hiji; cinta.

Ngan hanjakalna, énding carita teu salawasna bagja keur tokoh carita urang. Pungkasan caritana malik tiis jiga tarason. Cintana nu ngagalura, ditolak lantip tapi peureus – dicuékeun. Sumangetna ngedalkeun kacinta nu ngagalura téh ukur numpuk di méja-méja rédaksi atawa mading-mading. Copélna, kalan-kalan nyampak dina corétan-corétan témbok, sms, curhatan e-mail, atawa di tukangeun buku tulis lécésna. Teu ngabibisani kituna mah, aya sajak, carpon, atawa naon baé ngaranna nu nyempil di rohang-rohang leutik rubrik-rubrik, nu satuluyna ditémbongkeun ka balaréa jiga adegan Maria Eva nu keur mah geunjleung digeunjleung-geunjleungkeun. Sajaba diumumkeun, aya éta ogé nu dipeunteun ku rédaksi saparagraf dua paragraf waé mah, tapi peun, ulah ngaharepkeun nu leuwih ti éta.

Tokoh carita urang jigana kudu narimakeun, yén pujaan atina ogé boga hak nangtukeun pilihan, boga hak ngukur kadar cintana najan ukuranna geus dibakukeun jiga rumus éksak: hadé atawa goréng, alus atawa butut, luhung atawa handap kumplit jeung perséntaseu analisisna. Cindekna, pujaan atina téh boga hak pikeun jadi aprésiator cinta manéhna.

Tapi sastra Sunda lain ibu-ibu nu kaédanan ku télénovéla, lain budak nu gandrung kana Smack Down. Jadi, ulah teuing jajauheun miharep nu maca nepi ka ceurik balilihan, nurutan polah tokoh rékaan urang, atawa copélna ngarénghap jero alatan manggihan pangalaman anyar kuring jiga nu kapanggih dina sajak “Di Parapatan” Tarlan atawa “Tarahalna Jalan Urang” Rizal Sabda, atawa ngilu ngageri ka Mang Adja dina carpon “Kéncléng” Lugiena Dé, atawa maénkeun peran jadi objék dina “Démo” Wasta Ai, jeung juh ratus juh puluh urang nu ngalantri satukangeunana bari mamawa kembang pelakeun taman pamekar nu gedé harepan tuluy dicéboran saban isuk, sabab kadar cintana teu ka/di-ukur ku pujaan atina.

“Terus…terus?!” ceuk tukang parkir, “Naon gunana nyakolakeun budak salima-lima di sakolaan nu aya pangajaran Sastra, nya minimalna aya matéri poko Aprésiasi Sastra?” nu ditanya puguh ngabigeu, sabab tina pangalamanana pribadi ningali pagelaran-pagelaran Seni – kaasup sastra – manéhna ningali pamiarsa anu lamun teu nundutan, nya super hiperaktif, samalah sakapeung jiga nu over acting. Aprésiator kawasna mah hayang milu maén, milu nyenggakan bari jeung teu mawa hasil nanaon sanggeus layar ditutup. Kawasna mah kabéh harayang jadi pamaén, hayang jadi nu narabeuh, bari taya nu boga hajatna, bari taya nu nanggapna, da puguh rohang nu sakitu legana téh suwung ku nu lalajo. Padahal nu boga hajat atawa nu lalajo téh bisa milu népakeun ka nu lain, jiga ibu-ibu nu lalajo sinétron ngabagi pangalaman lalajo sinétron “Intan” ka tatanggana kalayan sumanget tur titén unggal adeganana, jiga Ajip Rosidi basa “lalajo” Sayudi dina ‘Lalaki Tegal Pati-na, jiga Dian Héndrayana sabada “ngupingkeun” Nano.S dina ‘katem’-na, atawa Nirwan Ahmad Arsuka bangun ni’mat “ngagaléntoran awak” Ayu Utami dina Novélna ‘Larung’. Antukna nu ditanya téh balaka: “Urang mémang–mun embung disebut henteu–kurang aprésiatif!” ceuk manéhna bari ngahurungkeun starter mobilna laju nincak gas satakerna, ninggalkeun tukang parkir jeung sajuta kapanasaran jero sirahna.

Balik deui kana tokoh utama carita urang. Hiji waktu manéhna nepungan pimitohaeunana, ngawani-wanikeun manéh silaturahmi bari balaka ngeunaan rasa cintana ka sakadang monyét téa. Énténg pimitohaeunana némbal,

“Sing sabar wé nya Cu, da jodo mah moal ka mamana!” ceuk pimitohaeun tokoh utama urang ngabeberah manah bari ngadongéngkeun Novél Frankenstein or the Modern Prometheus (1818) karangan Mary Wollstonecraft Shelley nu diajénan saabad sabadana, bari ngingetan yén Haji Hasan Mustafa ogé karyana kabaca tur dianggap luhur kualitasna sabada diteuleuman ku Ajip Rosidi nu géséh umurna kapan mangpirang-pirang anggangna, teu kaliwat Ki Umbara nu kapanggih Ngislamkeun Siluman-na ku Agus Suhérman nu pipanteseun jadi incuna. Dangding HHM diguar pikeun tatapakan, Carpon Mistéri Ki Umbara diguar pikeun jadi sumber inspirasi, Novél Pangantén atawa Sajak-sajak Godi diulik pikeun jadi monumén jamanna.

Atuh munasabah mun téa mah kuring diwidian ngabayangkeun, bukti cinta tokoh utama carita urang “nu kaédanan” téh kakara kaguar ku anak incuna isuk jaga, nu pancénna ukur nuluykeun roda sajarah (sastra) nu muter atung énéh-atung énéh jiga ‘Ranté Peuting’ sajakna Rizal. Sawidak taun ka hareup mah boa anak incu tokoh utama urang téh nuluykeun kabiasaan baluweng kalantang kulinting néangan titincakan, néangan sumber inspirasi, néangan titiron, noongan karangan jaman ayeuna maké kéhkeran nu dibalikeun lénsana, bari sukuna ngarandeg teu ingkah da puguh kukulintingan néangan kénéh. Pamustunganana, tokoh utama urang téh boa sarua kawas jalma-jalma édan éling dina kapal nu ngangkleung tengah sagara téa, salilana néangan tempat balabuh.

Tapi sing percaya kétang, sagala rupa ogé aya papasanganana. Aya édan aya éling. Da mun seug dipikir-pikir mah, mending kaédanan tuluy édan batan éling bari teu éling-éling, karuhan can bisa ari kudu édan bari éling mah.

Tuturus, 2006
Posted by Ananta G at 16:24:59 | Permanent Link | Comments (2) |