Selasa, Desember 18, 2007

LIP GLOSS

Geus katampa surat ti Bapa mangkukna, méh unggal poé dibaca dibulak-balik. Eusina angger kénéh, katineung Bapa ka kuring. Bisa kawilang langka Si Bapa ngirim surat téh, malahan mah lebeng tara pisan, dicarék ongkoh ku kuringna ogé. Cukup kuring wé nu nyuratan ka Bapa sakalian mun ngirim wésel. Ayeuna teu hujan teu angin Si Bapa ngirimkeun surat, dialamatkeunna ka kampus deuih. Harita téh kang Aép – pagawé kampus – nu masihkeunana. Jigana mah si Bapa apaleun alamat kampus téh tina buku telepon ti wartél Pa Nandu, da teu apaleun alamat apartemén kuring mah.

Enya Pa, kuring ogé sono, sono pisan. Tapi raga jeung sukma asa can ngawidian kudu tepang jeung Bapa ayeuna mah. Hayang mulang sotéh sanggeus kuring wani cumarita kumaha kaayaan kuring nu sabenerna, jeung Bapana bisa tumarina. Tapi mun seug dipikir deui mah, rék iraha?

Fragmén-fragmén lalakon lawas kiwari kagambar deui. Pilemburan. Bapa. Si Ema (najan ijidna mah nataku), moal bisa kapopohokeun. Maén béklen, sondah, dampuh, congkak, sakapeung maén kaléci bari jeung teu bisa ogé, kiwari kagambar deui. Lamunan kuring ilang saharita nalika dina eunteung katempo manéhna ngadeukeutan, gaganti Bapa. Geus nyaring geuning. Buukna acak-acakan kénéh, tapi angger kasép, ku saliwatan mah parasna téh jiga Jérémy Thomas, aslina ieu mah, teu disiga-siga. Karasaeun jigana mah, da ti tadi kukulisikan waé ari gap nu aya ukur guguling meureun.

“Can bobo geuning? Masih ngémutan serat ti Bapa nya?.” Manéhna nanya. Kuring lir tugu monas, cicing teu ngajawab.

“Mending uih ceuk akang mah.” Ramona ngusapan embun-embunan, ngabébénjokeun.

“Tapi...”

“Ssst.” Curukna antel kana biwir, neuteup jero kana eunteung, ka jero batin kuring.

Cimata geus asa rék bedah, ti tukang manéhna ngambung ieu lelembutan, ningtrimkeun dada nu raca ku rupa-rupa pasualan hirup nu pakusut, nu pinuh ku tarucing, nu biheung katohyan ucingna.

Isukna manéhna ngajak kuring balanja ka Mall, ditedunan bari jeung horéam ogé. Bangun nu sumanget manéhna mah, milihan baju batik, milihan péci, Pajarkeun keur Si Bapa. Kituna téh bari diajaran deuih, dicocopkeun jeung ukuran awakna, ngajiga-jiga Si Bapa.

“Bejakeun ti calon mantu.” Manéhna jiga ABG nu keur meumeujeuhna begér (kuduna ogé begér mindo). Ari umurna mah geus opat puluh hiji, ngan mémang warugana mah teu éléh géléng ku budak ngora, bisa ngurus diri jigana mah. Fitness, aerobik, jeung jogging méh tara kaliwat. Apan munggaran tepung ogé basa fitness di Sasak Gym. Ceuk pikiran kuring harita manéhna moal béda jeung anu lianna, langganan kuring. Nyebut Om kuring ogé mimitina mah. Ayeuna wé nyebutna akang téh, bubuhan geus deukeut pisan, bubuhan geus nyulusup kana jero haté, da baheula mah statusna téh batur nge-date hungkul, kadieunakeun robah jadi langganan, tuluy hayang disebut kabogoh. Tapi naon salahna mun ditarima ogé, turug-turug manéhna mah lalagasan kénéh. Keun baé kabogohna loba ogé, da pasti manéhna ogé beuki jajan. Jeung kuring ogé nalipak manéh deuih, apan biaya kuliah salila ieu téh dicumponan ku manéhna. Terus usaha salon leueleutikan téh apan modal ti manéhna. Beuki dieu beuki karasa kanyaahna téh, béda jeung lalaki nu lianna, manéhna mah geuning satia, manéhna mah geuning daria, manéhna mah geuning... Ti saprak hahadéan jeung kuring mah manéhna téh tara gonta-ganti pasangan, leuwih yakin deui saprak manéhna masangkeun cingcin dina jariji kuring, lambang kadariaan manéhna.

Balanja téh sagala diringkid, ti mulai papakéan, nepi ka rupa-rupa kadaharan, pajarkeun oléh-oléh keur Si Bapa, méh-méhan teu asup kana starlét mun teu didedet-dedet teuing mah.

“Cetrék”, manéhna nyetél tape mobil, kareungeu lagu karesepna, Reza jeung Utada Hikaru ngahaleuang “Aku dan kamu takan tahu, mengapa kita tak berpisah.” Simpé. Kuring jeung manéhna titeuleum ngalenyepan lagu. Karasa manéhna ngarérét ka kuring. Laju dilieuk gé, manéhna ngabalieur.

“Énjing pan badé uih, jadi wengi ayeuna urang clubbing heula nya.” Manéhna muka carita, teuteupanna lempeng ka jalan. Paling teu bisa mun kudu nampik pangajakna. Unggal paripolahna, unggal paméntana jiga aya hipnotis anu tumerap kana sakujuring awak. Kuring bati ngabigeu ngabatu arca.

Angin peuting beuki ngulisik, séahna angin katiga lawas nebak kota métropolitan. Manéhna mukakeun panto mobil keur kuring. Lampu-lampu kota gumebyar ngawarnaan kota nu cadu simpé, sora kenalpot mobil awor jeung sora ambulan, jeung sora musik di parapatan, jeung haréwosna sora nu baramaén, jeung sora jangkrik, awor jeung sora..haté.

Kuring jeung manéhna silikaléng asup ka diskotik, kasampak dua urang penjaga jarangkung badag unjuk salam ka manéhna, manéhna males ku imut. Di jero rohangan, lampu disko tinggurilap sarupa cika-cika, jiga béntang nu tingkaretip minuhan satungkebing langit, maksa jalma sangkan ngalayang mapag béntang, mapag kaéndahan fana. Manéhna nuduhkeun bangku nu di juru. Kuring nuturkeun.

“Pemandangana saé ti dieu mah.”

Pesen apa ya?” Teu lila Waitress nyampeurkeun bari mawa kertas jeung pulpén.

Long Island teu nganggo és.” Ceuk manéhna ka waitress.

“Abdi mah Jim Beam campur és jeung popcorn.” Ceuk kuring.

Waitress tuluy ngaléos, teu lila datang deui bari mawa minuman dina botol kénéh, diluhurna maké kembang api, ras inget lamun bulan puasa sok ngorék kembang api di buruan imah jeung Si Bapa. Blitz, house musik, ditimpah ku Jim Beam, ngahudang adrénalin sangkan ngagedur marengan beat, marengan ketug jajantung nu beuki narikan, satuluyna mah kalah ngalonan lapat-lapat.

Keur anteng-antengna ngobrol jeung manéhna, teu lila Si Angel nyampeurkeun.

“Héy sarceu, yéy geus ngerjakeun tugas ti Pa Andi can? Itu geuning, dosén berondong nu cuco téa.” Manéhna nanya ka kuring.

Kuring ukur seuri sinis, geuleuh atuh da sok tara ningali situasi pisan, sok ngaganggu kasenangan batur. Piraku keur kaayaan kieu téh kalah ngomongkeun kuliah, lain waktuna atuh. Jeung deuih saha anu mikiran kuliah, padu meunang gelar, enggeus, cukup keur kuring mah, da kamari ogé ku Pa Muhtar dibéré peunteun A pédah kuring ka imahna mawa martabak jeung wajit, da geuning cukup ku kitu ogé, padahal apan Pa Muhtar kawéntar dosen killer. Jeungna deuih apan nanaon ogé hadé ku basa, goréng ku basa atuh. Asal bisa ngala haténa. Kuring ngagerentes jero haté, lamun dipokeun mah kalah sok jadi manjang, éngkéna bahan pililaeun ngobrol jeung Si Angel téh, lain jeung manéhna, padahal ieu téh peuting pamungkas kuring jeung manéhna.

Cunduk ogé waktuna, kuring mulang. Miang ti apartemén téh pukul dalapan, teu kaburu dangdan-dangdan acan, cukup maké oblong jeung calana jeans, biwir gé tibang diulas ku lipgloss wé. Untung Kang Haris ngageuingkeun, mun teu digeuingkeun ku manéhna mah jigana elat, weureu teuing jigana peuting téh, da nalika hudang gé karasa kénéh sirah téh asa lenglengan.

“SMS, nya.” Manéhna ngaharéwos. Maksudna mah Sisa Mabuk Semalam. Wirang ogé sabenerna mah.

“Ati-ati nyandak mobilna,nya!” Manéhna dareuda. Kituna téh bari méré konci mobil.

“Wios kana umum waé.” Ceuk kuring.

“Ah, sieun teu uih deui.”

“Dasar, bisa wé.” Ceuk kuring bari noél irungna.

“Salam nya ka Si Bapa.” Ceuk Manéhna bari ngusap mastaka.

“Ulah nya kang, engké ku abdi teu didugikeun.” Ceuk kuring. Surti bangunna manéhna ogé.

Roda starlét ngagorolong ninggalkeun kota, beuki lila beuki narikan, ngabelesat dina amparan aspal. Sajajalan implengan manteng ka Si Bapa, néangan bahan picaritaeun, néangan ungkara anu cop jeung kaayaan, sakapeung sok didaramatisir. Ahéng puguh ogé, apan éta téh bapa sorangan. “Lah, engké ogé ngaguluyur sorangan.” Kuring ngagerentes jero haté, ngayakinkeun diri sorangan.

Sanggeus tilu jam perjalanan antukna kuring anjog ka tempat anu salila ieu jadi kasono, jadi katineung, jadi udagan kuring ngumbara di kota.

Hareupeun imah, katangén Si Bapa keur ngadaweung. Dipanggihkeun deui geuning kuring jeung si Bapa, jeung suasana pilemburan. Loba anu barobah deuih ayeuna mah, imah geus ditémbok, tepasna geus dilegaan, dapur jeung kamar cai geus dikeramikan. Tapi lolobana mah can robah, sorot soca Si Bapa, péci kuleuheu karesepna, kaos sangsangna, sarungna, jeung kanyaah kuring ka Si Bapa nu puguh teu robah mah, teu apal kanyaah Si Bapa mah, tapi sugan.

“Bapa...” Kuring nyampeurkeun Si Bapa. Celengok tonggong pananganna diambung. Manéhna ngusapan ieu mastaka.

“Eh..geuning..Ti ditu tabuh sabaraha?” Manéhna nanya.

“Tabuh dalapan Pa.” Ceuk kuring bari muru ka jero enggon, rék bébérés heula. Babawaan mah diteundeun di rohang tengah.

Sakaluarna kuring ti enggon, solongkrong babawaan téh diasongkeun.

“Ieu Pa, aya oléh-oléh kanggo bapa.”

“Lah, atuh mani kudu babawaan sagala.” Kituna téh bari mukaan bungkusan. Aya paroman anu hégar nalika bungkusana dibuka, baju batik dicocopkeun jeung ukuran awakna. Deuh, nyeplés pisan jiga Kang Haris basa kamari balanja.

Paguneman kuring jeung Si Bapa méh teu rinéh-rinéh, jongjon poho kana waktu, poho kana sagalana.

“Geus hayang ngagandong incu Bapa mah.” Teg, éta omongan nu matak jadi kasieun kuring salila ieu téh. Hayang pok sabenerna mah, ngan ungkara kapeundeut dina elak-elakan.

“Ayeuna mah nungguan naon deui coba. Apan manéh téh geus puguh cagap, geus boga cecekelan, bisa meureun bari kuliah ogé.” Luk kuring tungkul, teu némbal. Bangun nu ngawahan Si Bapa téh sabenerna mah, méré lolongkrang ka kuring sangkan cumarita ngeunaan ieu perkara. Tapi, mun kuring kudu wakca, naha Bapa bakal tumarima. Antukna manéhna pok deui.

“Néng Nisa kamari ka dieu, nananyakeun waé.” Asa ditonjok dada, Kuring lumpat muru kamar.

“Jaka, kunaon?” Manéhna ngetrokan panto kamar.

“Teu Pa, teu kunanaon.” Kuring ngeunteung, make up ipis méh pupul ku cipanon, dibersihan ku tisu. Lipgloss tina dompét dicokot, laju diulaskeun kana biwir, “Hayang sabenerna mah Pa maké lipstik téh, ngan can wani.”

Tuturus, Juli 2005
Posted by Ananta G at 16:51:22 | Permanent Link | Comments (0) |

Di Rumah Sakit

Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah disangka meujeuhna indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa parias. Nu sasarina dihuapan ku indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan, ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur. Dicekokan ku ubar warung téh, weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér jigana budak téh, da sok dibarung jeung utah-utahan sagala.

“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus kapaciritan.

“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.

Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah sakit, jadi bruder bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir Kuda, lembur nyingkur jauh mela-melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri, nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti anatomi. Meunang dua taun, tuluy diangkat jadi asistén dokter.

Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya pengobatan mah kumaha engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru – biaya ngubaran téh waragadna tina asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih, éstuning kajurung ku kanyaah wé indung bapana mah, sasat budak hiji-hijina.

Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas peuting indit ti imah. Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan nyaah ka budak. Kapan biasana ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu bébélaan ka kolot. Aya ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.

Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui. “Karunya budak téh, keur mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.” Kang Jaja ngarahuh, jakétna dirungkupkeun kana sirah budak.

Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun waé. Haneuteun ku nu gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua urang nu jaga nukangan,. Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng ngorék komputer, nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana mah. Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh ubar; ubar jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.

Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy ngalayanan bari semu nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua kamar nomer lima; kamar husus pasén barudak.

Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa. Ngaluarkeun stetoskop, tuluy diantelkeun kana harigu budak.

“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi Ihat nu kaweur naker.

Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah jeung bérak. Geus disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep meueusan, tuluy reup.

Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu ngeusina budak satepak hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan paling loba ku duaan, cék palaturan mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia, palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak ngajeblag dina témbok ogé, éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika sabondoroyot diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.

“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.

“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja pinuh kadeudeuh.

“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur taki-taki.

Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak samata wayang, diparengkeun ririwit waé. Tara parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék ayeuna katerap panyakit nu rada pikahariwangeun téh.

“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun nanya.

“Saurna mah muntabér.”

“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna diopnameu téh.

“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.

“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah kapas kénéh, turug-turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah langganan kitu?”

“Komo murangkalih abdi mah Pa.” Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong. “Murangkalih abdi mah, meus-meus tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo askés, nya? Atuh raos, abdi mah teu kénging diskon-diskon acan.”

“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah ku nu patén waé.” Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.

Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun jeung nu dipeuntas Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan. Beuki dieu beuki raéng, sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja nyambat budakna bari semu handeudeul. Teu lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas méncrét waé jigana mah, da bangun nu leuleus naker katempona.

Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang Jaja tuluy kaluar ti rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék ménta dipindahkeun. Geus ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si Adun téh. Kabeneran Adun karék kaluar ti rohang operasi.

“Dun!” Kang Jaja ngageroan.

“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu reuwas.

“Si Uji ieu téh, gering!”

“Gering naon kitu?”

”Muntabér.”

“Dimana dirawatna?”

“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun waé ka Kelas hiji mun bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan manéh. Tulungan atuh lah!”

“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy gura-giru nguruskeun. Meunang sapuluh menit, jol deui.

“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.

“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir tandatangankeuneun.

”VIP?”

“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék mindahkeun budak.

“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak téh teu bisa saré waé. Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna téh teu pararuguh.”

Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan. Tumaninah ayeuna mah, jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV, Kamar cai balersih, Full AC deuih. Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari mencét bél, teu burung suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari imut, manis pisan.

Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa dipungkir. Budak téh teu dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun ogé. Cageur henteu, parna teuing henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang Jaja. Geus aya samingguna kaya kieu téh.

Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu. Béakna mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar buah nginum susu téh, der kalah beuki muncrut.

Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh lalaki, umurna sapantaran jeung nu ngalempréh.

“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”

“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka bisa diperenahkeun di dieu.”

“Sadintenna séép sabaraha kitu?”

“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati gogodeg.

“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling. “Tuh! TV aya, kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka budakna.

“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.” Cék budak bari ngajéjéwang daster indungna.

Tuturus, 2006
Posted by Ananta G at 12:04:49 | Permanent Link | Comments (0) |