Catetan Kamari (Dangdanggula)
Wengi tadi bulan jadi saksi
Taya méga ngarungkup purnama
Wuwuh héman nyulam haté
Najan tebih nu dijugjug
Ka ditu ka amparan langit
Nyalusur labirin rénghap
Namperkeun ciibun
Nganti kaala hérangna
Duh…Panutan dalingding anggitan dangding
Mugia katampa
Urang ngangkleung na parahu asih
Riak lambak laas ngamuara
Wanci surupna srangéngé
Mangsana reureuh balabuh
Kikisik di sisi basisir
Kasébakeun angin lewang
Ka lulurung kalbu
Panglenyepan nu teu nangan
Duh…Rungruman dalingding anggitan dangding
Mugia karampa


Komentar terakhir
hirup