Rabu, Desember 19, 2007

Semir Sapatu

tuh, langit bangun timburu basa kuring

mupu srangéngé saban poé

lain jang sasaha, kapan dangdaunan

nu kungsi dipicangcam lebar temen maluguran

tatalépa jeung baturna perkara béja langgeng

poé ayeuna nu nyumput na batu-batu,

méja-méja-korsi-korsi nyaring kuring

nyérangkeun buntut burit bari nalikeun

dzikir jeung sapatu anyar disemir

 

“kang, naha teu sarapan heula?”

anjeun mulangkeun batu kana dangdaunan

Tuturus, 2007

Posted by Ananta G at 10:25:03 | Permanent Link | Comments (0) |

Kota. Batu. Purnama

Sajak Ananta G


:Nita Widiati Efsa

 

kelar. kota ramé batu simpé

purnama dimana ngancikna?

teuteup paadu teuteup

galécok anjeun jeung eunteung

Teung! ku teungteuingeun

nyulam Alif parat ka Ya

sugan Aya. sedeng lulurung jantung puguh

suwung. lir Kota Batu pangpurnamana

anjeun nyusud tapak

taak. sapat ka madhab papat

tapi purnama tan arah

anjeun tanggah, sadrah.

 

Kota Batu, Juli 2006

Posted by Ananta G at 10:15:22 | Permanent Link | Comments (0) |

Lembur Kapinis

bring saabringan kapinis
nandonkeun lalakon muru kulon

nutur-nutur srangéngé lingsir

mangsa kalimah wanci kari titikna

ciduh kami geus teu metu

campuh jeung bulu-bulu
ucap
kami geus teu nyata

ukur aweuhan rohang tengah

nu harelok jul-jol ti saban pongpok

curuk-curuk patunjuk-tunjuk

liang irung geus teu nyésakeun sayang

pancakaki jeung kamalir lahan garapan

“Cikahuripan!” nu kaweur pahibut

bring saabringan kapinis
nyingkahan lembur nu kahuru

2006



Posted by Ananta G at 08:54:39 | Permanent Link | Comments (0) |

Jumat, Februari 02, 2007

Dina Hiji Waktu

hiji waktu. papatong eunteup di méja kantor urang
nu keur anteng ngarawélan
aksara ngangluh koran-koran
hiji waktu. katumbiri masieup méja makan urang
nalika nohonan kahayang budak pelesiran
ka mumunggang impian

laju ras basa urang niup lilin ka lilin
spanduk wates kota, gunting pita,
kertas undian jeung dokter nu némbongkeun tés urine:
“Wilujeng!”
ceuk papatong jeung katumbiri
dina hiji waktu

2006


Posted by Ananta G at 12:56:09 | Permanent Link | Comments (0) |