DRUPADI CEDA
Kalayan Rohman miwah Rohim, kuring gumelar di alam dunya. Tina rahim sang Drupadi, garwa para Pandawa. Taya haleuang adzan, taya hariring ayun ambing. Ukur pameunteu-pameunteu pinuh tanda tanya "Ieu anak saha?" rohangan tempat ngalahirkeun beuki harénghéng ku sora silih tuduh, sabab pada-pada mungkir, pada-pada nyingkur tina haténa.
"Rama!" cék kuring ka Yudistira, ngadon ngabalieur. Bima, Arjuna, Nakula Sadéwa Pon kitu deui. Berebet kuring lumpat, muru kamar panyileukan laju muru eunteung, diilikan luhur handap luar jero, saha ari diri. Bet lapur teu katimu, teu kapuluk. Nu kapanggih ukur sesemplakan-sesemplakan nu kudu diterapkeun hiji hiji.
Enya! Bapa Aing Yudistira, nu babari ngalajur nafsu, nandonkeun sagalana. Nu perfeksionis, Tai ucing. Atawa Bima? Nu can kungsi salah ucap, saciduh metu. Can kungsi ingkar duméh oray geus ngabeulit beuheungna? Ah..lain, kuring mah sok ngabohong, sok ingkar tina jangji. Boa Arjuna? Nu Sipat rayunganna netes ka kuring, atawa nakula Sadéwa nu teu bisa mandiri?
Ibu pernah ngageri hiji waktu "Ieu mah dosa Ibu, Anaking, Dosa Ibu". Tapi naon? Naon dosa Ibu? nepi ka Pandawa bet meupeus keuyang ka kami? Ibu can kungsi salingkuh, can kungsi ngarempak jangji. Can kungsi rumahuh najan Pandawa Kurawa ngocorkeun getih beureum di Padang Kurusetra. Tapi Ibu dareuda nyarios "Ibu téh geus ngeuceuykeun raray Pandawa, Anaking. Ibu hina, sataranjang hareupeun balaréa. Tuluy ibu kedal sumpah nu teu pipanteseun, moal digelung méméh diangir ku getih Dursasana! Ibu ngalajur nafsu, ari kitu mah, naon bédana Ibu jeung Dursasana?"
Tapi naon bédana jeung Pandawa?
Pandawa sotéh cék putra Déstarata, Kurawa sotéh cék turunan Pandu. Duh Gusti, naha bangbaluh kami téh sarua jeung rumahuhna Emang Dipati Karna baheula? Nu teu puguh saha indung nya Bapa? Tapi ramana, Batara Surya kapan nangtayungan, méré welas asih ka Karna.
Mun kitu mah nu dosana téh Ibu? Enya Ibu, tapi naha nu katempuhanana bet kudu anakna. "Yeuh, Bu. Kami mah teu mais teu meuleum." Ibu cireumbayan, tuluy ngagabrug "Hampura Ibu, Hampura Ibu. Demi langit jeung Bumi, anjeun téh putra Ibu."
"Terus, naon gunana Ibu bakti tuluy ka Pandawa, nu geus nganiaya, geus miceun?"
"Anaking, asih téh sok sanajan, lain kusabab!"
"Eh, maksudna, sanajan ibu dikaniaya, dihina, ibu tetep bakti Asih? Hébat, Ibu hébat. Tapi bu, maranéhanana mah geuning teu mikaasih Ibu. Asih manéhna mah lain sok sanajan, tapi kusabab?"
"Kusabab naon anaking?"
"Enya, kusabab hayang nyumponan kabutuhan birahina" Plak, Ibu nampiling.
"Teu pantes putra Ibu nyarios kitu."
Teu Bu, mémang teu pantes putra nyarios kitu ka Ibuna, jiga Guruminda nu teu wasa neuteup pameunteu ibuna. Jiga sangkuriang nu teu meunang deudeuh ka indungna. Tapi Ibu kaliwat sampurna, kageulisan Ibu mapakan bidadari langit.
"Peun, anaking, nyeri, nyeri haté Ibu."
"Saha Bu, saha nu geus nyerihatékeun Ibu? Pandawa? Saupama kitu Kami Sumpah, moal rék diparas saacan diangir ku getih para Pandawa. Jiga sumpah-sumpah sumpah Ibu dina abad-abad nu kaliwat, jiga sumpah Ibu dina abad-abad nu bakal datang.


Komentar terakhir
hirup